Lalakon Keur Sakola SD

NGOBROL di facebook jeung balad-balad keur sakola ngingetkeun kana hiji cita-cita nu rek dipilampah mun geus gede jaga. Araraneh, cita-cita teh, hayang jadi pilot, hayang jadi insinyur, hayang jadi dokter, hayang jadi tangtara jeung rea rea deui. Naha aneh? da hiji oge teu jadi cita-cita teh, geuning jadi kieu siga ayeuna.

Baheula, kuring sakola di SD Negeri Maripari 2-3, enya eta dua SD digabung jadi sakompleks. Aya dua kapala sakola. Bisa nyaho saha kapala na bisa ditinggali dina buku rapor. Tiheula kapala sakola uing nu masih inget mah Pak Eye. Nu disingkat dina rapor mah ku nami Drs E. Sutarya Putra. Samemehna, kapala sakolah teh namina Pak Soma sareng Pak Sunu. Teras, Kepala SD Negeri Maripari 3 , Ibu Rukasih, barudak di lembur sok nelah Bu Ate. Duka teu pati apal silsilah naha disebut Bu Ate.

Barudakna, Teh Wiwit, Tina,  jeung Anti mah apal pisan puguh sok ngadon ulin di imah nininya, Bi Enoh nu tatanggan jeung nini kuring, Hj Ningsih, incuna mah sok nyebut Mak Iyah dan Bapak Iyah. Hiji deui aya lanceukna lalaki Iwan nu sok dilandih "Si One".

Balik deui kana carita sakola SD Maripari, asa loba pisan kenangan di sakola teh. ti mimiti upacara bandera, dikuris sok ceurik, malahan aya nu lumpat kana jandela sagala. Nu lainna, sok inget we, mun dina waktu mayar SPP. Maya kartu hejo atau beureum. diteken ku guru kelas, harita mayar SPP nu uing inget ti mimiti 250 rupiah nepi ka terakhir kuring tamat teh, SPP mayar 750 rupiah. Mun adi lanceuk sakolah didinya, aya dikurangan hiji, jadi SPP na murah sakeudik.

Tiheula da keur leutik, teu pati kaharti soal SPP teh, ngan aya dina hiji mangsa mun geus ditagih di kelas kanu can malayar. Dipokpokeun sakapeung mah ku guru kelas teh, ulah disebut saha-saha na mah, nu sok rajeun dicarekan tara mayar SPP. Da harita hirup teh rata-rata sarusah, kecuali meureun tukang dagang jeung pagawe negeri sok rada disiplin mayar SPP the.

Da keur sakola baheula, nikmat we tara aya jeung mikir kasusah hirup, nu nyaho ulin jeung ulin. ngerjakeun PR, sakola deui, jajan deui. waku ajaran baru meuli sapatu anyar. Sok kenalan geuning eta sapatu teh ditinceuk kubabaturan. Pajarkeun kenalan sapatu anyar ceunah, hehehe. Uing pernah boga sapatu  cap kelinci, bochi, kadieunakeun rada gaul saeutik merek sapatu the rada harade jeung mahal. Inget rebook? tah eta sapatu badak kabina-bina.

Di sakola, pengulinan the kasti, mengbal, ngojay ka walungan, kadang main game nu disewakeun tea geuning, make tali dan bisa dicokot. 50 perak nyewa the. meuni ngariung di juru sakola. Ayeuna mah moal manggih nu kitu, da jaman smartphone tea geuning sagala aya dan super canggih.

Mun budak ayeuna apal tablet, ipad, blackberry jeung rea rea deui telepon canggih bisa sagala. Baheula mah terbatas pisan. Boga jam jeung kalkulator oge asa pang canggihna.

Pasapon di sakola aya Mang Kayat, jeung Mang Awan. Beres, resik sakola urang the ku anjeuna. Malah murid murid oge sok kabagean piket beberesih sakola. Diemrat ku cai sa ember, nimba atau nampung ti balong sisi imah si Aris ceu Umi hareupeun  SD.

sakieu heula, ke urang tuluykeun...kaburu sibuk kupagawean.....sok no rek nambahan info engke urang sambung deui kisah na...

Soal bahasa sunda na, hampura we ieu tulisan. da ieu bahasa kasar bahasa sapopoe. komo uing mah kaluar sakola SMA langsung ngulampreng ka unggal nagari gaul na jeung sabangsa satanaha air tea nu beda beda bahasana. Ayeuna bahasa sapopoe bahasa Aceh. Cag!

Post a Comment

Previous Post Next Post